Senin, 14 Januari 2013

Karangan Bebas


Basa Jeung  Sastra Sunda mangrupa Salah Sahiji Modal Kaarifan Budaya Lokal
Basa jeung sastra sunda anu nyampak ayeuna téh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang masa. Éta kamekaran téh ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang sunda anu kapangaruhan ku suasana tempat jeung mangsa nu kasorang dina sajarah jeung kamekaran kabudayaan Sunda umumna. Basa mangrupa cicirén bangsa. Budi paragi, cara mikir, pacabakan, angeun-angeun, jeung susunan masarakat hiji bangsa bisa kagambarkeun dina basana.
Kiwari basa jeung sastra Sunda miboga kalungguhan jadi basa daérah jeung kabudayaan daérah. Ieu téh luyu jeung UUD 1945 Bab XV penjelasan pasal 36. Ari basa jeung sastra sunda teh miboga fungsi jadi :
a.    Lambang kareueus daérah;
b.    Lambang identitas (jatidiri) daérah;
c.    Pangrojong basa nasional;
d.    Pangrojong jeung pamekar kabudayaan daerah;
Basa jeung sastra sunda téh mangrupa cicirén hiji daérah dimana urang lian apal ka urang sunda téh ku basa jeung sastrana. Hiji daérah lamun teu mibanda kana basa jeung sastrana tangtu éta daérah teu miboga ciri has. Ku sabab kitu, basa jeung sastra sunda teh mangrupa salah sahiji kaarifan budaya lokal anu kudu dilestarikeun jeung dimumule ku urang sunda sangkan basa jeung sastra sunda kaasup kana kaarifan budaya lokal.
Ninggali zaman kiwari basa jeung sastra sunda geus jarang dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang sunda sorangan. Lamun kaayaan kieu tuluy diantepkeun boa-boa basa jeung sastra sunda téh bakal leungit hartina yén urang sunda téh teu miboga jatidiri jeung cicirén anu ngabedakaeun jeung budaya lokal sejenna.
Pangaruh basa jeung sastra sunda jang ngabentuk karakter, anu kaasup kaarifan budaya lokal di Jawa Barat, nurutkeun Rosidi (1985:9), aya salah sahiji pupuh Asmarandana ciptaan Patih Mangunrejo, Raden Arya Bratadiwijaya di abad 19, anu yang kacida dikenalna ku urang Sunda, komo deui dina bait kahijina loba anu apal di luar kepala. Salain éta pangaruh sastra lisan atawa tulisan téh tuluy diteruskeun ku lahirna karya-karya sapertos Sangkuriang, si Kabayan, Mungdinglaya di Kusumah, jeung sajabana. 
Kusabab kitu, urang salaku urang sunda kudu pisan ngamumule ieu basa jeung sastra sunda, sabab lamun lain ku urang rék ku saha deui da moal aya nu nyaah kana basa jeung sastra urang lian ti urang sorangan salaku urang sunda. Urang kudu ngarti tur bisa ngaraksa kana basa jeung sastrana sangkan basa jeung sastra sunda téh tetep langgeung salawasna. Basa jeung sastra sunda kudu urang mumule kalayan dipintonkeun jeung dipaké dina kahirupan sapopoé sabab lamun teu kitu moal bisa tumuwuh di urang sunda sorangan.
Jadi urang salaku urang sunda kudu nyaah kana basa jeung satra sunda , kudu nyadar yén urang téh sunda, cicing di tatar sunda geus jadi kawajibanna lamun urang ngamumule basa jeung sastra sorangan ku salah sahiji carana nyaéta apal kana rupa-rupa budaya jeung sastra sunda sarta apal kana undak-usuk basana tuluy dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Ki kitu na dibutuhkeun pamadegan urang sunda pikeun ngajaga jeung ngamumule basa jeung sastra sunda sangkan ieu basa jeung sastra téh teu leungit ku kaayan zaman ayeuna nu loba kapangaruhan tina kabudayaan deungeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar